OBAHNA SUKU
Ku: Iing Firmansyah
Jéngké = ngangkatkeun keuneung nepi ka napak ku ramo suku.
Najong = ngeunakeun (ramo) suku kalayan ngagentak kana barang, jsté.
Nalapung = nyépak (bal, jsté) ka luhur ku tonggong suku (sanggeus dialungkeun heula).
Nalipak = nyépak ku dampal suku.
Néjéh = nyépak ku suku tukang (kuda, kaldé, jsté).
Nincak = napakkeun dampal suku.
Nokér = ngésérkeun barang ku suku rada ka gigir atawa ka tukang.
Ngajejek = nincak barang ngagentak ku dampal suku.
Ngaréngkas = ngahalangan léngkah batur ku suku urang (sina labuh).
Nyépak = ngeunakeun suku kalawan maké tanaga kana barang (bal, jsté).
Dicutat tina PEPERENIAN
0 Komentar